Minggu, 03 Juli 2016

TASYAKUR BINN'MAH


ULEMAN
TASYAKUR BINNI’MAH
Kahatur
Bapa/Ibu/Saderek




 






Hapunten bilih lepat nyerat nami, gelar sareng alamat




Pameungpeuk,     Juli 2016



بِسْمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Waba’du
Sujud syukur ka Yang Agung, Gusti Allah nu Murbeng Alam kana siraman ni’mat nu taya hinggana.
Simkuring sakulawargi seja tasyakur parantos dipasihan ni’mat diparengkeun kenging panggilan
ti Nu Maha Kawasa kanggo ngalaksanakeun Ibadah Haji dina taun ayeuna.
Teu aya sanes mundut kaweningan galih para bapa, ibu miwah saderek, kersa rurumpaheun
tur ngalu’uhan kana pamaksadan tasyakur binni’mah,
anu waktosna Insya Allah bade dilaksanakeun :

Dinten Ahad, kaping 24 Juli 2016
Tabuh 09.00 dugi ka rengse
Tempatna di rorompok
Kp. Mancagahar RT 01 RW 08 Desa Mancagahar Kec. Pameungpeuk

Raos kagunturan madu kaurugan menyan putih, saupami bapa, ibu, miwah saderek luntur kalbu, wening galih kersa nyumpingan pangulem simkuring sakulawarga dina waktosna,
tur ngedeudeul du’a mugia ibadah anu bade dilaksanakeun kalebet anu mabrur tur mabrurah.
Kasugih kanu pinareng sumping miwah warga wargi sadaya,
mugi-mugi kenging amal sholeh kalayan kenging imbalan anu langkung ageung.  Amin.


Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Hormat Simkuring,

Aep Saepulloh / Siti Saroh

Dideudeul ku Kel. Besar KBIH Al-Qaswa Kab. Garut