ULEMAN
TASYAKUR
BINNI’MAH
|
Kahatur
Bapa/Ibu/Saderek
|
|
|
|
|
Hapunten bilih lepat nyerat nami,
gelar sareng alamat
|
|
Pameungpeuk, Juli 2016
بِسْمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ
الرَّحِيْمِ
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Waba’du
Sujud syukur ka Yang Agung, Gusti Allah nu Murbeng
Alam kana siraman ni’mat nu taya hinggana.
Simkuring sakulawargi seja tasyakur parantos dipasihan
ni’mat diparengkeun kenging panggilan
ti Nu Maha Kawasa kanggo ngalaksanakeun Ibadah Haji
dina taun ayeuna.
Teu aya sanes mundut kaweningan galih para bapa, ibu
miwah saderek, kersa rurumpaheun
tur ngalu’uhan kana pamaksadan tasyakur binni’mah,
anu waktosna Insya Allah bade dilaksanakeun :
Dinten Ahad, kaping 24 Juli 2016
Tabuh 09.00 dugi ka rengse
Tempatna di rorompok
Kp. Mancagahar RT 01 RW 08 Desa Mancagahar Kec.
Pameungpeuk
Raos kagunturan madu kaurugan menyan putih, saupami
bapa, ibu, miwah saderek luntur kalbu, wening galih kersa nyumpingan pangulem
simkuring sakulawarga dina waktosna,
tur ngedeudeul du’a mugia ibadah anu bade
dilaksanakeun kalebet anu mabrur tur mabrurah.
Kasugih kanu pinareng sumping miwah warga wargi
sadaya,
mugi-mugi kenging amal sholeh kalayan kenging imbalan
anu langkung ageung. Amin.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Hormat Simkuring,
Aep
Saepulloh / Siti Saroh
Dideudeul ku Kel. Besar KBIH Al-Qaswa Kab. Garut