Jumat, 17 Maret 2017

BAHAN AJAR AKHLAK



ETIKA

Kecap etika geus ngabeungharan kandaga kecap basa Sunda. Ieu kecap serepan teh mindeng dipake dina paguneman sapopoe. Upamana dina ungkara kieu,” Pejabat kiwari geus loba nu teu boga etika. Atawa, Etika budak sakola kiwari kacida nguciwakeunana. Ieu pamanggih teh datangna ti para pakar atikan, nepi ka aya wacana pikeun ngajarkeun deui Mata Pelajaran Budi Pekerti anu dina enas-enasna mah eta pelajaran sarua jeung pelajaran Etika. Para  pakar  atikan  boga  kacindekan  yen  barudak  sakola  geus pindah   tampian;   geus   niron-niron   budaya   sejen.   Manehna nganggap  yen  sakabeh  nu  jolna  ti  batur  teh  alus  tur  gaul.  Ari budaya manehna geus dianggap kampungan atawa teu gaul. Manehna geus kaleungitan jati dirina.
Kecap etika mangrupa kecap serepan tina basa Yunani Kuno „ethos‟ (dina  wangun  tunggal)  anu  hartina  „padumukan, tegalan jukut, kabisaaan, adat, ahlak, watek, perasaan, sikep, jeung cara mikir‟; sedengkeun dina wangun plural kecap etika dicokot tina ta- etha  anu  hartina  „adat kabisaaan‟.  Jadi,  sacara  etimologis  bisa dicindekkeun yen etika ngandung harti elmu ngeunaan hal -hal nu bisa dilakukeun atawa elmu ngeunaan adat kabiasaan.
Sinonim etika nya eta moral‟. Kecap moral  asalna tina basa Latin mos‟ nu boga harti kabiasaan‟, adat‟.

Nurutkeun Purwadarminta, kecap etika dihartikeun elmu pangaweruh ngeunaan asas-asas akhlak (moral); sedengkeun nurutkeun Depdikbud, kecap etika boga tilu harti.
1.  Elmu ngeunaan hal-hal anu alus jeung nu goreng, hak katut kawajiban.
2.  Kumpulan asas atawa ajen-inajen akhlak anu disebut kode etik.
3.  Ajen-inajen ngeunaan hal-hal anu bener atawa nu salah nu diagem ku hiji golongan masarakat.


B. Patalina Etika jeung Etiket
Aya dua kecap nu sok dipacorokkeun nya eta etika jeung etiket. Upama dipaluruh nurutkeun harti kamus, jentre yen eta dua kecap boga harti anu beda. Etika dihartikeun moral‟; sedengkeun etiket hartina „sopan santun‟. Ari nu ngabedakeunana nya eta kieu.
1.     Etiket patalina jeung cara migawe hiji pagaweananu loyog jeung nu dipiharep ku sakabeh atawa sabagian jalma dina hiji komunitas manusa. Contona, lamun masrahkeun hiji barang ku leungeun katuhu kaasup eta jalma teh boga etiket. Sabalikna, eta jalma disebut ngalanggar etiket lamun waktu masrahkeun eta barang ku leungeun kenca.
2.     Etiket ayana dina hirup kumbuh sapopoe. Lamun euweuh jalma nu nyaksian hiji pagawean mangka etiket teu lumaku. Contona, cara dahar dianggap teu sopan lamun bari ceplak atawa nepi ka teurab. Tapi, lamun teu kanyahoan ku batur mah teu dianggap teu sopan. Beda jeung etika, lamun teu kanyahoan ku jalma sejen oge etika tetep kudu dipake.
3.     Etiket mah relatip--gumantung kana budaya jeung kabisaaan sewang-sewangan; sedengkeun etika mah sifatna absolut.
4.     Etiket    mandang    jalma    tina    unsur    lahiriahna    wungkul;
sedengkeun etika mandang jelema teh leuwih nyosok jero.

D. Tumalina Etika jeung Tatakrama
Tatakrama (etiket)  teh raket patalina jeung etika. Tatakrama hiji jelema atawa hiji bangsa kacida dipangaruhan ku etika anu dianutna. Dina gurat badagna, etika nu mangrauhan tatakrama (etiket) teh nya eta (1) etika teologis, (2) etika filosofis, jeung (3) etika sosial.
1.     Etika Teologis (Religi)
Dina etika teologis, nu jadi ukuran „salahjeung „beneratawa „hadejeung „goreng teh nya eta aturan (norma) agama atawa kapercayaan anu dianutna. Dasarna teh moral religius. Tina kituna, aya sawatara etika teologis.

2.     Etika Filosofis
Nu   jadi   ukuran   hade-goreng   atawa   „bener-salah   teh   nya   eta nurutkeun filsafat nu dianutna. Sifatna kacida pribadina (individual). Ari filsafat sumberna teh hasil gawena „akal jeung budi manusa. Jadi, filsafat mah dasarna teh teori-teori elmu pangaweruh beunang mikir manusa, lain dumasar kana agama.

3.     Etika Sosial
Etika social kacida raketna jeung elmu kamasarakatan (sosiologi), nu nerangkeun proses kamekaran masarakat, ti mimiti nu jadi tanaga pangdorongna tepi ka tujuan hitup masarakat. Kitu deui  medar hal naon bae anu jadi hahalang kana kamajuan masarakat.
Aya rupa-rupa etika sosial.
1)                  Etika kulawarga
2)                  Etika kelompok
3)                  Etika etnik
4)                  Etika nasional
5)                  Etika internasional

ETIKA MENTA IZIN
1.  Ulah asup ka imah batur tanpa izin nu boga imah.
2.  Lamun euweuh sasaha, teu meunang asup kajaba geus diizinan.
3.  Lamun  teu  dibere  izin  ku  nu  boga  imah  ulah maksa.
4.  Tilu  waktu  menta  izin  asup  ka  kamar  indung bapana.

ETIKA SAURANG MUSLIM KA DIRINA
1.  Ngajauhkeun diri tina dosa-dosa gede.
2.  Ngajaga lisan.
3.  Ngajauhkeun diri tina panyakit-panyakit rohani.
4.  Ngajaga diri tina pagawean anu ngabahayakeun.
5.  Make pakean Islami.
6.  Ngajaga kabersihan diri.
7.  Ngajaga kasehatan dirina.

ETIKA KA KOLOT
1.  Ulah pisan nyebut „ah ka kolot waktu keur nyarita.
2.  Ngomong ka kolot kalawan hormat.
3.  Kudu syukuran ka kolot.
4.  Kudu  sing hade, sanajan anjeunna nitah ka nu teu bener.
5.  Jadikeun kolot urang ajang asup surga.
6.  Heulakeun hade ka kolot samemeh ngalakukeun jihad.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar